blog islami yang berisi bacaan doa sehari-hari, seperti doa selamat dan tolak bala, doa setelah sholat fardhu, doa sholat tahajud, doa sholat duha, doa qunut witir di bulan ramadhan, doa qunut subuh, dll. Selain itu terdapat juga bacaan dzikir dan doa di bulan ramadhan, niat puasa ramadhan, niat puasa sunnah rajab, sya'ban, dzulhijjah, syawwal, dll. Materi khutbah jumat, khutbah idul fitri, khutbah Idul Adha, khutbah bahasa sunda, pembukaan khutbah, pembukaan pidato, sejarah tokoh dan kyai

Nabi Urang Sarerea Bagian 1 dan 2

Nadhom Nabi Urang Sarerea Bagian 1

Nabi urang saréréa, Kangjeng Nabi anu mulya, Muhammad jenenganana, Arab Kurés nya bangsana. Ramana Sayyid Abdullah, Ibuna Siti Aminah, dibabarkeunna di Mekah, wengi Senén taun Gajah. Robiul awal bulanna, tanggal ka-dua belasna, April bulan maséhina, tanggal kadua-puluhna. Ari bilangan taunna, lima ratus cariosna, tujuh puluh panambihna, sareng sahiji punjulna.

Nadhom Nabi Urang Sarerea Bagian 2

Siti Aminah misaur, waktos babarna kacatur, ningal cahaya mani ngempur, di bumina hurung mancur. Parangina Kangjeng Nabi, jatnika pinuh ku puji, pinter tur gedé kawani, sabar nyaah ka sasami. Keur opat taun yuswana, diberesihan manahna, nabi dibeulah dadana, malaikat nu meulahna. Jibril kadua réncangna Mikail jenenganana, ngeusikeun kana manahna, elmu hikmah sapinuhna. Tuluy dada Kanjeng Nabi, gancang dirapetkeun deui, sarta teu ngaraos nyeri, dicap ku Hotami Nabi. Rama Nabi kacaturkeun pupusna kacarioskeun basa Nabi dibobotkeun dua sasih kaunggelkeun Keur lima taun yuswana ditinggal pupus ibuna tuluy dirawat eyangna Abdul Mutalib asmana Kersana Rabbul’alamin Kanjeng Nabi nu prihatin yuswa dalapan taun yakin éyangna mulih ka batin Sabada wapat éyangna Nabi dirawat uwa na Abu Talib kakasihna sadérék teges ramana Kangjéng Nabi sering pisan dicandak ka Nagara Sam sok nyandak barang dagangan di dinya téh pajeng pisan Kacatur di éta nagri loba pendeta Yahudi sareng pendeta Nasrani nu tepang jeung Kangjeng Nabi Sadayana sasauran ieu jalmi moal nyalahan pinabieun ahir jaman Torét, Injil, geus ngibaran Sipat Nabi panganggeusan aya di anjeunna pisan harita loba nu iman ka Nabi ngangken panutan Lami-lami kanjeng nabi Disambat ku hiji istri ddagang ka unggal nagari, kauntungana dibagi. Istri jenengan Khodijah Putra Khuwailid katelah nu pang bengharna di mekah, ka nabi kalangkung nyaah. Siti Khodijah masrahan, ka Nabi barang dagangan, Maesaroh nu ngarencangan, ka nabi purah nyarengan Kacarios Maesaroh teh, loba pamendakna aneh, cicirieun nabi nu sholeh, matak ngaherankeun kabeh Tatangkalan uluk salam, mega bodas sok mayungan, jeung aya cap kanabian, dina salaira na pisan Pamendak Siti Khodijah, Cocok pisan jeung Maesaroh, Akhirna Siti Khodijah, Ka Nabi mundut ditikah Harita yuswana Nabi, salawe taun kawarti, ngadak-ngadak sugih mukti, tapi tambah sae ati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar