blog islami yang berisi bacaan doa sehari-hari, seperti doa selamat dan tolak bala, doa setelah sholat fardhu, doa sholat tahajud, doa sholat duha, doa qunut witir di bulan ramadhan, doa qunut subuh, dll. Selain itu terdapat juga bacaan dzikir dan doa di bulan ramadhan, niat puasa ramadhan, niat puasa sunnah rajab, sya'ban, dzulhijjah, syawwal, dll. Materi khutbah jumat, khutbah idul fitri, khutbah Idul Adha, khutbah bahasa sunda, pembukaan khutbah, pembukaan pidato, sejarah tokoh dan kyai

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda


Khutbah idul fitri basa sunda, khutbah idul fitri bahasa sunda


Khutbah I

اَللهُ أَكْبَرُ  9  اَللهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ ِللهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً  لاَإِلهَ إِلاَّاللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ  لاَإِلهَ إِلاَّاللهُ وَلاَنَعْبُدُ إِلاَّ إِيّاَهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ  لاَإِلهَ إِلاَّاللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ  أَللهُ أَكْبَرُ وَِللهِ الْحَمْدُ .
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعْمَةِ الإِيْمَانِ وَالإِسْلاَمِ – وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى خَيْرِ الأَنَامِ – وَعَلَى ألِهِ وَصَحْبِهِ الْكِرَامِ – أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ ذُوْ الْجَلاَلِ وَالإِكْرَامِ - وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ العَرَبِ وَالْعَجَمِ . أَيُّهَا الحَاضِرُوْنَ وَيَاأَيُّهَا الْمُسْتَمِعُوْنَ الِكِرَامُ!  أُوْصِيْكُمْ وَإِيّاَيَ بِتَقْوَى اللهِ عَلَى الدَّوَامِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ . أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ ( قَدْ أَفْلَحَ مَنْ زَكّاَهَا وَقَدْ خَابَ مَنْ دَسَّاهَا )

Allah Maha Agung kalawan agung anu sampurna. Sadaya puji wungkul kagungan Allah  kalawan puji anu saseueur– seueurna. Ngamahasucikeun abdi ka Allah  enjing – enjing sareng pasosore. Teu aya deui Pangeran anu hak diibadahan  anging Allah. Abdi henteu nyembah anging ka anjeuna. Ya Allah mugi Gusti nampi kana ibadah abdi sadaya, khususna ibadah puasa  Ramadhan anu ku abdi sadaya parantos dilaksanakeun . أمين

Hadirin sidang  Idul Fitri anu mulya ! 
Nabi ngadawuh anu kieu unggelna
لِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ فَرْحَةٌ عِنْدَ الإِفْطَارِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ
"Eta tetep pikeun jalma anu puasa ari dua kabungahan,  
1. bungah nalika buka puasa  
2.bungah nalika pendak sareng Pangerannana buktosna Gusti Allah.
Ari buka puasa eta aya dua;  
1.buka tiap-tiap dinten/ tiap maghrib, didinya aya rasa kabungah, sabab puasana tamat sehingga tuang sareng ngaleueutna karaos ni'mat, sanajan rencangna saaya-aya. 
2.buka puasa sabada tamat puasa sabulan anu disebat lebaran/ Idul Fitri, maka dina eta poe sakumna ummat Islam, khususna anu tamat puasana, dina dadana pinuh kabungah, bungah amar watasuta, bungah anu teu aya papadana.
Naon sababna?  Jawabna secara umum  karana didorong ku kaimanan  sareng kayakinan  kana janji-janji Alloh sareng Rosulna anu aya dina Qur'an sareng Haditsna, disarengan ku sagudang harapan  pikeun ngaraih  rohmat, maghfiroh sareng Ridho Allah.

Hadirin sidang  Idul Fitri anu mulya
Diantawis janji-janji Alloh sareng Rosulna  anu kaunggel dina Qur'an sareng Haditsna

يَاأَيُّهَاالَّذِيْنَ أَمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَاكُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ ( أل عمران : 183)
Dumasar kana ayat anu kasebat di luhur, Allah ngajamin  yen jalma anu ngalaksanakeun  ibadah puasa dipastikeun kaasup  golongan anu taqwa anu bakal jadi penghuni sorga.
Nabi ngadawuh :
مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيْمَاناً وَاحْتِسَاباً غُفِرَ لَهُ مَاتَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ وَمَاتَأَخَّرَ
"Sing saha jalma anu puasa Ramadhan bari kaayaan iman tur ikhlash, maka eta jalma  dihampura dosana, anu tiheula  oge dosa anu pandeuri."

Nabi ngadawuh
شَهْرُ رَمَضَانَ أَوَّلُهُ رَحْمَةٌ وَأَوْسَطُهُ مَغْفِرَةٌ وَأخِرُهُ عِتْقٌ مِنَ النِّيْرَانِ
1/3 ramadhan anu  ka hiji saatna Alloh ngahujanan rohmat  ka sakumna jalma anu puasa, 1/3 anu ka dua, nyaeta  tanggal 11- 20 saatna Gusti Allah maparinan amnesti /ampunan  ka jalma anu puasa. 1/3 ramadhan anu akhir, nyaeta tanggal 21- 29 / 30 saatna Allah ngabebaskeun  jalma anu parantos ngahak  asup kana naraka, diponis bebas tina siksa naraka .

Bulan Ramadhan disebut  شَهْرُ الْقِيَامِ  bulan anu pinuh ku  ibadah shalat sunat, salianti shalat fardhu, nyaeta shalat tarawih 20 rakaat, shalat witir  3 rakaat dugi ka 11 rakaat, shalat tahajud 2 dugika 12 rakaat anu pahalana  shalat sunat sarakaat  dina bulan ramadhan  langkung sae tibatan  shalat  1000 rakaat lain dina bulan ramadhan. Puasa sapoe dina bulan Ramadhan, langkung sae tibatan  puasa  1000  poe  lain dina ramadhan, maca tasbih sakali  dina bulan ramadhan langkung sae  tibatan maca tasbih 1000 kali lain dina bulan Ramadhan, shodaqoh sunat dina  bulan ramadhan langkung sae  tibatan shadaqoh 1000 kali dina lain ramadhan.

Dina bulan ramadhan aya lailatul Qodar  sehingga jalma anu ibadah  boh shalat fardu atawa shalat sunat  seperti tarawih atawa witir, tahajud  atawa shalat sunat lailatul Qodar atawa shadaqoh, do'a atawa dzikir, nilaina sami  sareng ibadah 1000 bulan / 83 tahun  4 bulan.
Nabi ngadawuh
نَوْمُ الصَّائِمِ عِبَادَةٌ وَصُمْتُهُ تَسْبِيْحٌ وَعَمَلُهُ مُضَاعَفٌ وَدُعَائُهُ مُسْتَجَابٌ وَذُنُوْبُهُ مَغْفُوْرٌ   رواه البيهقي
"Sarena jalma anu puasa eta ibadah, repehna sarua jeung maca tasbih, amalna ditikel-tikel, du'ana diijabah, dosana dihampura."

Ibadah puasa dipungkas ku ibadah sosial  mangrupa zakat Fitrah  anu padilahna kasauran Nabi aya 10 rupa:
  1. Zakat fitrah  nyucikeun diri tina pirang-pirang dosa.
  2. Zakat fitrah  ngabebaskeun diri tina siksa naraka
  3. Zakat fitrah  jadi sabab pikeun ditarimana puasa
  4. Zakat fitrah  ngawajibkeun asup ka sawarga
  5. Zakat fitrah  jadi sabab kaluar ti kuburan  aya dina kaamanan
  6. Zakat fitrah  jadi sabab sakabeh amal solehna ditarima dina eta tahun
  7. Zakat fitrah  jadi sabab kana kengingna  syafa'at ti kangjeng Nabi SAW. di poe kiamah
  8. Zakat fitrah  jadi sabab salamet dina mentas Shirathal Mustaqim  cepet seperti kilat
  9. Zakat fitrah jadi sabab  ngabeuratkeun dina timbangan amal solehna.
10. Zakat fitrah jadi sabab dihapusna  ngaran eta jalma  tina  daftaran jalma-jalma anu cilaka.

Ibadah puasa dipungkas ku  kalimah takbir, tahlil jeung tahmid sapeuting jeput  dina maleman hari raya  anu pahala sinareng padilahna  sungguh sangat luar bisa

Ibadah puasa dipungkas ku  shalat idul fitri sakaligus  silaturahim  guna sili hampura dosa  jeung papada manusa. Kumargi kitu Allah ngadawuh :
قَدْ أَفْلَحَ مَنْ زَكّاَهَا وَقَدْ خَابَ مَنْ دَسَّاهَا
"Kacida bagjana jalma anu mampu ngabersihkeun dirina (tina kakufuran, kamusyrikan jeung kama'siatan) jeung kacida cilakana jalma anu  ngotoran dirina  (ku kakufuran, kamusyrikan  jeung kama'siatan )."

Oge Allah SWT ngadawuh
قَدْ أَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى وَذَكَرَ اسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى
"Nyata bagja jalma anu puasa disampurnakeun ku zakat pitrah  sareng nyebut-nyebut jenengan Allah (maca takbir- tahlil- tahmid )  sapeuting jeput, oge diakhiri ku shalat sunat idul fitri
Sakaligus  sareng halal bihalalna nyaeta silih lubarkeun  dosa. Mudah-mudahan urang sadayana sing kalebet  jajaran jalmi anu bahagia .  amin ya robbal alamin.

Hadirin sidang  Idul Fitri anu mulya
Kabingahan anu ka dua, nyaeta  bingah pependak sareng rahmat, maghfirah sareng ridha Allah, bisa ningali ka dzat Allah  di sawarga, anu ngarupakeun pahala kaimanan  sareng kataqwaan, khususna pahala ibadah  dina sasih Ramadhan. Kumargi kitu  mangga urang sami-sami ngadu'a ka Allah
تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا صِيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ
Mugi Allah nampi kana ibadah  abdi sadaya, khususna ibadah saum  abdi sadayana . Amin ya rabbal Alamin.

Hadirin sidang  Idul Fitri anu mulya
Ku ayana fadilah ibadah puasa  Ramadhan  anu dilengkepan  ku ibadah anu sanesna anu aya patalina sareng bulan Ramadhan  pantes dinten ieu disebut  عِيْدُ الفِطْرِ = kembali kana kasucian  sabab dina ieu dinten  Allah SWT ngahampura  kana sakabeh dosa  jalma anu puasa  anu patali sareng dosa ka Allah, urang sadayana wajib syukuran  ka Allah  ku jalan memelihara kasucian diri  tina perbuatan ma'siat ka Allah kucara ningkatkeun  kaimanan sareng kataqwaan  sabada saum dugika saum deui  sesuai sareng keterangan :
لَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ لَبِسَ الْجَدِيْدَ وَلَكِنَّ الْعِيْدَ لِمَنْ طَاعَتُهُ تَزِيْدُ
"Lebaran teh lain pikeun jalma anu make pakean  weuteuh, tapi lebaran teh pikeun jalma anu to'atna ka Allah tambah-tambah."

Hadirin anu mulya
Dina hari raya ieu  urang wajib beberesih  tina dosa anu aya patalina  sareng  papada manusa ku jalan silaturahmi  terutama dosa ka ibu sareng  rama.  Sabab pidawuh Rosul
رِضَااللهِ فِى رِضَاالْوَالِدَيْنِ وَسُخْطُ اللهِ فِى سُخْطِ الْوَالِدَيْنِ
"Ari karidhoan Allah eta aya dina karidhoan  indung bapa, oge bebendu Allah aya dina bebendu  anu janten ibu rama ."

جَعَلَناَالله ُمِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ وَالْمَقْبُوْلِيْنَ – بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ


Khuthbah II 


اَللهُ أَكْبَرُ X 7  لاَإِلهَ إِلاَّاللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ  أَللهُ أَكْبَرُ وَِللهِ الْحَمْدُ . اَلْحَمْدُ ِللهِ القَائِلِ قَدْ أَفْلَحَ مَنْ زَكّاَهَا وَقَدْ خَابَ مَنْ دَسَّاهَا .  وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ قَدْ أُرْسِلَ لِلْعَالَمِيْنَ رَحْمَةً  وَفُضِّلَ - أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الأَعْلَى - وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ النَبِيُّ الْمُصْطَفَى . عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَإِيّاَيَ بِتَقْوَى اللهِ لَعَلَّكُمْ تَفُوْزُوْنَ فَوْزًا عَظِيْمًا . أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : قَدْ أَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى وَذَكَرَ اسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى
 - اَللَّهُمَّ صَلّ وَسَلّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ   أمين .  اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ يَاقاَضِيَ الحاَجَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبُ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ . اَللَّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا وُضُوْئَناَ وَصَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَتَهْلِيْلَنَا  وَتَكْبِيْرَنَا وَتَخَشُّعَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَلاَتَجْعَلْ فِى قُلُوْبِنَا غِلاًّ لِلَّذِيْنَ أَمَنُوْا  رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوْفٌ ٌرَحِيْمٌ . رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَأَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ  وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
    
Disusun ku KH. Iin Solihin, Drs., M.SI
Pimpinan PonPes Riyadlu As-Shalihin Cihaur Cipakat Singaparna
Wakir Rais Syuriah Nu Kab. Tasikmalaya


Untuk Khutbah Idul Fitri Basa Sunda Tahun 1441 H - 2020 M, silahkan klik link berikut:









Tidak ada komentar:

Posting Komentar