Sholawat Sunda - Pupujian Sebelum Sholat - Puji Pujian Setelah Adzan
Ya Allah dugikeun salam ti sim abdi
ka Nabi nu dipikacinta ku Gusti
Muhammad Bin Abdulloh utusan Gusti
pang saena Nabi diantawis nabi
nu mulia nu pang takwa-takwa na jalmi
pang suci-suci na jalmi anu suci
abdi hoyong tepang sinareng anjeuna
sarta hoyong diangken umat anjeuna
sanaos jisim abdi jalmi biasa
siang sareng wengi lamokot ku dosa
tetep miharep syafa'atul udhma
pitulung ti Nabi di yaumil jaza
ya Allah dugiken salam ti sim abdi
ka Nabi Muhammad makhluk anu suci
ka para sahabat sareng kulawargi
tabiit tabiin ulama amilin
generasi penerus Nabi nu murni
pembela agama islam nu sejati
Topik Terkait: pupujian eling-eling umat eling-eling dulur kabeh kakuping suara adzan kakuping soanten adzan nadoman rundayan nabi atau lagu nasab nabi nadhoman gusti urang sarerea atau nabi urang sarerea
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar