blog islami yang berisi bacaan doa sehari-hari, seperti doa selamat dan tolak bala, doa setelah sholat fardhu, doa sholat tahajud, doa sholat duha, doa qunut witir di bulan ramadhan, doa qunut subuh, dll. Selain itu terdapat juga bacaan dzikir dan doa di bulan ramadhan, niat puasa ramadhan, niat puasa sunnah rajab, sya'ban, dzulhijjah, syawwal, dll. Materi khutbah jumat, khutbah idul fitri, khutbah Idul Adha, khutbah bahasa sunda, pembukaan khutbah, pembukaan pidato, sejarah tokoh dan kyai

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda


Khutbah bahasa sunda, khutbah idul fitri basa sunda

اَلله ُأَكْبَر x)9) اَللهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ ِللهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَإلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَلاَنَعْبُدُ إِلاَّ إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ أَللهُ أَكْبَرُ وَلِلَّهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ ِللهِ رَافِعِ مَنَارِ الِإيْمَانِ بِشَهَادَةِ التَوْحِيْدِ الصِّدْقِ الَّذِيْ أَوْجَبَهُ عَلَى الخَاصِّ وَالْعَامِّ وَمُوْطِدُ دَعَائِمِ الِإسْلاَمِ بِالصَّلاَةِ وَالزَّكَاةِ وَصَوْمِ شَهْرِ رَمَضَانَ فِى كُلِّ عَامٍ. وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أَشْرَفِ الأَنَامِ مَوْلَانَا وَسَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ الَّذِيْ بَيَّنَ الشَّرَائِعَ وَالأَحْكَامِ وَمَيَّزَ بَيْنَ الحَلاَلِ وَالْحَرَامِ- وَأَرْشَدَ الْخَلْقَ إِلَى دَارِ السَّلاَمِ – وَعَلَى آلِهِ الْبَرَرَةِ الْكِرَامِ- وَأَصْحَابِهِ الأَئِمَّةِ الأَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَلاَمِ  وَعَلَى التَابِعِيْنَ لَهُمْ مَادَامَتِ اللَّيَالِي وَالأَيَّامِ- أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ ذُو الْجَلاَلِ وَالإِكْرَامِ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ العَرَبِ وَالْعَجَمِ- أيّهَا الْحَاضِرُوْنَ الْكِرَامُ- اِتَّقُوااللهَ  الْمَلِكَ الْحَكَمَ – أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَيْطَانِ الرَجِيْمِ : يَاأَيُّهَاالَّذِيْنَ أَمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَاكُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ ( أل عمران : 183)
Allohhu Akbar 3X  Alloh nu Maha Agung, kalawan Agung anu Sampurna, sedengkeun abdi sadaya hamba Gusti nu teu daya, teu upaya anging ku ayana pitulung Gusti. Alhamdulillah kalawan hidayah sareng inayah Gusti, abdi tuntas ngalaksanakaeun tugas, nyaeta ibadah saum di bulan anu mulya nu pinuh barokah tur pahala ibadah nu melimpah ruah. Ibadah sunat pahalana seperti ibadah wajib, sedengkeun ibadah wajib pahalana ditikel 1000 tikelen, pahala taraweh anu sakitu agungna, zakat fitrah pahalana luar biasa, takbir malam lebaran sapeuting jeput anu pahalana teu bisa kaitung, ditungtungan ku Sholat Idul Fitri anu pahalana minuhan langit jeung bumi bahkan di bulan Romadhon aya hiji wanci nu mustari, aya saat anu paling istimewa anu disebut Laelatul Qodar anu pahala ibadah dina eta wengi leuwih hade tibatan ibadah 1000 bulan dina lain malaman Qodar atawa lewih hade tibatan ibadah umat anu baheula 1000 bulan, sakumaha pidawuh Allah
لَيْلَةُ القَدْرِ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ
Oge sapuk sareng pidawuh Gusti : 
قَدْ أَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى وَذَكَرَ اسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى           
Hartosna : Kacida bagjana jalma anu bisa nyucikeun dirina ku jalan ngaluarkeun zakat fitrah, dzikir ka Alloh, ku jalan ngabacakeun kalimah takbir, tahlil sareng tahmid dina malam lebaran, tuluy eta jalma kaluar ti imahna menuju Masjid ngalaksanakeun sholat Idul Fitri :
بَلْ تُؤْثِرُوْنَ الْحَيَاةَ الدُنْيَا وَالأَخِرَةُ خَيْرٌ وَأَبْقَى
Ngan hanjakal, kalolobaan aranjeun sok milih kahirupan sareng kasenangan dunia, sehinngga ( loba anu teu puasa, teu taraweh oge teu loba maca takbirna ) sakadar puasa kuda lebaran munding = puasa teu kaduga lebaran ginding. Padahal kahirupan akherat eta leuwih hade  jeung leuwih langgeng tibatan hirup sareng kahirupan dunya. Sanaos kitu ya Allah, abdi sadaya tetep roja, tetep miharep kana Rohmat, Magfiroh, sareng dibebaskeun tina siksa naraka. Sakumaha pidawuh Rosulullah  SAW. :
شَهْرُ رَمَضَانَ أَوَّلُهُ رَحْمَةٌ وَوَسَطُهُ مَغْفِرَةٌ وَآخِرُهُ عِتْقٌ مِنَ النِّيْرَانِ
- Ari awal Romadhon tanggal 1-10 eta saatna Alloh ngalungsurkeun Rohmatna
- Tengah-tengah Romadhon tanggal 11-20 eta saatna Alloh ngalungsurkeun Ampunanana.
- Akhir Romadhon tanggal 21-29/30 eta saatna Alloh ngabebaskeun jalma-jalma anu puasa tina Naraka.

اَلله ُأَكْبَر X3
Hadirin sidang Idul Fitri anu mulya, 
Alloh ngadawuh dina Al-Qur’an surat Ali Imron ayat 183 anu kieu unggelna :
يَاأَيُّهَاالَّذِيْنَ أَمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَاكُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ ( أل عمران : 183)

“He, jalma-jalma anu ariman, geus dipardukeun ka aranjeun kabeh puasa bulan Romadhon, seperti geus dipardukeun ka jalma-jalma anu aya sateuacan aranjeun. (ku jalan ngalakonan puasa), tangtu anjeun bakal kaasup jajaran jalma anu takwa ka Alloh SWT.”

Puasa Romadhon diwajibkeun ka setiap Nabi katut umatna, ti kawit Nabi Adam dugi ka Nabi Muhammad SAW, tapi cara na anu beda-beda. Diantawisna puasa Nabi Adam sabulan penuh siang sareng wengina, saurna sakali bukana oge, nyaeta dina Idul Fitri. Tapi puasana Nabi Muhammad SAW katut umatna buktosna urang sadaya sakadar henteu tuang, heunteu ngaleuet, oge hanteu jima ti beurang wungkul ti mimiti subuh dugi ka magrib. Anapon wenginamah halal tuang, halal ngaleueut, oge halal jima sareng istri. Sakumaha pidawuh Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 187 :
كُلُوْا وَاشْرَبُوْا حَتَّى يَتَبَيَّنَ لَكُمُ الْخَيْطُ الأَبْيَضُ مِنَ الْخَيْطِ الأَسْوَدِ مِنَ الْفَجْرِ
“Pek aranjeun dalahar, pek aranjeun ngarinum, sehingga tembong pikeun aranjeun kabeh benang bodas tina benang anu hideung, nyaeta nepi ka bijil fajar ( subuh ).

Nyakitu deui Alloh ngadawuh dina surat Al-Baqoroh ayat 187 :
اُحِلَّتْ لَكُمْ لَيْلَةَ الصِيَامِ الرَفَثُ إِلَى نِسَائِكُمْ هُنَّ لِبَاسٌ لَكُمْ وَأَنْتُمْ لِبَاسٌ لَهُنَّ
“ Dihalalkeun pikeun aranjeun kabeh campur gaul jeung istri aranjeun di waktu peuting bulan Romadhon, sebab isteri-isteri aranjeun teh eta pakean aranjeun, oge aranjeun kabeh eta pakean insteri-isteri aranjeun.

اَلله ُأَكْبَر X3
Hadirin sidang Idul Fitri anu mulya..
Upami dipikir di bolak balik, diregepkeun tur dilenyepan, geuning ibadah urang ka Alloh teh enteng tapi untung upami dibandingkeun sareung ibadahna umat anu baheula, kukituna urang sadaya kedah syukuran ka Alloh ku jalan satuhu satia, ngalaksanakeun parentahanana oge satuhu satia nebihan laranganana, anu di sebut taqwa.

Hadirin sidang Idul Fitri anu mulya.
Naon hikmah atanapi paedah disyari’atkeunana puasa Ramadhan?, dumasar kana katerangan لِكُلِّ شَيْءٍ حِكْمَةٌ    = sakabeh perkara aya hikmahna.
Jawabanana numutkeun hasil kajian Hujjatul Islam Syeh Al-Gozali dina kitab It-tihafu sadatil Muttaqin, anjeuna nganyarios kieu : شَرَ عَهُ سُبْحَانَهُ لِفَوَ ائِدَ  
Alloh nyare’atkeun ibadah puasa Ramadhan ngadung sababaraha paedah :

1. لِسُكُوْنِ النَفْسِ الأَمَّارَةِ = Pikeun nenangkeun nafsu amarah anu banget sarakah, supaya emosina terkendali sehingga teu ngalajur nafsu ngumbar amarah. Sesuai sareng sabda Nabi SAW : اَلصَوْمُ جُنَّةٌ   = puasa teh tutup-tutup, tameng atawa prisei anu ngahalangan nafsu amarah sangkan ulah hirup sarakah.

2.لِكَسْرَةِ الشَهَوَاتِ = Puasa teh pikeun ngabendung atanapi nahan nafsu birahi anu ngadorong kana perbuatan zina atawa nyarita porno. Oge ngabendung pirang-pirang kahayang anu teu sesuai sareng kamampuan diri, terutama kahayang anu bertolak belakang/patojaiyah sareng hukum agama. Nafsu gede tanaga kurang, kahayang loba pangaboga euweuh nu akhirna nekad ngalakonan M5 atawa 5M, nyaeta: minum-minuman keras, madon (zina), maling, mateni (membunuh), madat, akhirna cilaka dunya  sinareng akherat. Sakumaha pidawuh Allah:
إِنَّ النَفْسَ لَأَمَّارَةٌ بِالسُّوْءِ
Saestuna ari nafsu teh eta ngadorong kana ucap, lampah sareng tekad/niat anu jahat. 
Sumber nafsu teh diantawisna nyaeta loba dahar jeung loba nginum. Kumargi sakitu Imam al-Gozali parantos  nyaurkeun anu kieu unggelna:
إِذَا جَاعَتِ النَفْسُ شَبِعَتِ الأَعْضَاءُ فَإِذَا شَبِعَتْ جَاعَتْ كُلُّهَا
Lamun nafsu manusa lapar kusabab dibawa puasa, maka anggota badan bakal ngarasa seubeuh, sehingga cicing atawa repeh teu hayang ma’siat. Dimana-mana nafsu manusa seubeuh kusabab loba dahar jeung nginum, maka seluruh anggota badan bakal ngarasa lapar, ngagaranggang hayang migawe maksiat.

3. لِمُوَافَقَةِ الفُقَرَاءِ = supaya bisa ngarasakeun kana penderitaan jalma-jalma anu faqir anu hirup jeung kahirupannana pinuh/ loba kasusah, kurang sandang, kurang pangan, kadang-kadang tuna wisma; teu kagungan imah-imah acan. Maka, ku ayana puasa diharepkeun jalma anu kaya bisa nyisihkeun sabagian hartana, ngaluarkeun zakat, infaq, sodaqoh, khususna pikeun fakir-miskin jeung du’afa atanapi jompo. Hal ieu ngarupakeun salah sahiji tanda-tanda jalmi anu taqwa ka Alloh SWT. Sesuai sareng dawuhan Alloh  وَمِمَّارَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُوْنَ : eta tetep tina sapalihna tanda-tanda jalmi anu taqwa nyaeta nganapkahkeun kana sapalih harta anu parantos dirizkian ku Alloh.

4. لِتَنْمِيَةِ الصَبْرِ = pikeun ngadorong/numbuhkeun kasabaran, ngabina umat sangkan mampu bersabar; sabar dina ngalaksanakeun to’at, sabar dina ngajauhan maksiat, oge sabar dina nandangan musibat. Sakumaha pidawuh Rosulullah SAW anu ungelna kieu:
اَلصَوْمُ نِصْفُ الصَبْرِ وَالصَبْرُ نِصْفُ الِإيْمَانِ
Ari puasa teh satengahna tina kasabaran, sedengkeun sabar satengahna tina kaimanan. Jadi saum teh ½ x ½ =1/4 tina kaimanan.

5. لِتَقَرُّبٍ إِلَى اللهِ بِصِفَاتِهِ وَصِفَاتِ مَلاَئِكَتِهِ وَهِيَ تَرْكُ الأَكْلِ وَالشُرْبِ

Hikmah puasa anu kalima nyaeta pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti Alloh ku sifat-sifat Alloh sareng sifat-sifat malaikatna, nyaeta henteu tuang teu ngaleueut. Jadi jalma puasa mah deukeut ka Alloh teh, sehingga lamun ngadu’a insyaalloh diijabah.

6. لِلإِنْصَافِ = pikeun ngabina atanapi ngadidik kasadaran atawa disiplin diri dina raraga ngalaksanakeun tugas.
Contoh: jalma anu puasa  tengah poe, keuna  ku rasa lapar jeung haus, lebet ka bumina teu aya sasaha, sedengkeun sangu, rencang, sareng cai ngajogrog. Tapi kunaon henteu buka puasana? sabab eta jalma sadar dirina keur puasa, dirina katingali, kadangu sareng kauninga ku Alloh. Isin jeung ajrih ku Alloh lamun nyemen (buka).
Hal ieu kedah diterapkeun dina kahirupan sapopoe. Sanajan aya kesempatan keur zina, maling, atawa korupsi, tapi eta jalma  teu wani ngalakonan sabab eta jalma sadar yen eta perbuatan teh haram/ dosa gede

7. لِقَهْرِعَدُوِّ اللهِ وَهُوَ الشَيْطَانُ فَإِنَّ وَسِيْلَةَ الشَيْطَانِ الشَّهَوَاتُ

Hikmah puasa anu ka tujuhna nyaeta pikeun maksa atanapi ngusir musuh Allah, nyaeta iblis, sangkan ulah ngagoda, urang ulah kagoda, ku tipu dayana iblis/syetan, karana sayaktosna ari jalmi anu ditempuh ku syetan, pikeun ngagoda manusa sangkan cilaka, nyaeta hawa nafsu atanapi syahwat anu kuat, sedengkeun kuatna syahwat, anu aya dina diri manusa teh ku ayana loba dahar jeung nginum.
Kumargi kitu Nabi ngadawuh
إِنَّ الشَيْطَانَ لَيَجْرِيْ مِنِ ابْنِ أَدَمَ مَجْرَى الدَّمِ فَضَيِّقُوْا مَجَارِيَهُ بِالْجُوْعِ
Saenyana ari syetan eta yakin osok leumpang dina jasad manusa dina tempat peredaran getihna, ku sabab sakitu, maka kudu nyempitkeun ajeun kana tempat beredarna ku lapar (puasa )
Oge Nabi nyarios ka istrina siti ‘Aisyah kieu unggelna:
دَاوِمِيْ قَرْعَ بَابِ الْجَنَّةِ ! قَالَتْ بِمَاذَا ؟ قَالَ : بِالْجُوْعِ
Wahai Aisyah kudu ngalanggengkeun anjeun kana ngetrokan pintu surga. Siti Aisyah naros: Kunaon ngetrokna, ya Rasulullah ?, Nabi ngawaler : ku lapar ( ku puasa).
Kumargi kitu  mudah-mudahan urang sadayana tiasa ngalap paidah tina hikmah puasa anu tujuh rupa tadi nyaeta :

  1. Tiasa ngendalikeun emosi 
  2. Nahan Nafsu birahi lain dina hakna 
  3. Tiasa mere maweh ka fakir miskin khususna tiasa nulung kanu butuh nalang kanu susah 
  4. Memiliki kesabaran 
  5. Tiasa ngadeudeukeutkeun diri ka Alloh ku jalan puasa sunat sabada puasa Ramadon. 
  6. Memiliki kesadaran diri yen urang diusikkeun, dimalikeun, dihirupan, dirizkian teh ku Allah. Segala sesuatu eta nu Allah, oge sing sadar suatu saat urang bakal balik ka Gusti Allah. 
  7. Mampu memerangi, bujuk rayu, sareng godaan syetan.

اَلله ُأَكْبَر x3
Hadirin sidang idul fitri anu mulya. Naha ari ibadah puasa urang ditampi ku gusti Alloh, atanapi henteu? Jawabanana mudah-mudahan wae aya dina panampian Alloh. Urang teu uninga kalawan pasti  mung sakadar tiasa ningali kana ciri–cirina

 عَلاَمَاتِ قَبُوْلِ العِبَادَةِ أَثَرُهَاوَمِنْ
tina sapalih tanda-tanda ibadah hiji jalmi ditampi ku Gusti Allah, nyaeta dimana-mana ibadahna aya tapakna, ari tapakna puasa nyaeta tiasa ngalap paedah tina hikmah puasa anu tujuh rupa tea.

Ibadah puasa dipungkas ku solat idul fitri, anu hartosna balik kana kasucian. Maksusdna umat Islam anu ngalakonan puasa Ramadon bari kaayaanana iman tur ikhlas, solat taraweh tiap peuting, puasa tamat, ditungtungan ku ngaluarkeun zakat fitrah, maleman lebaran, maca takbir, tahlil sareng tahmid sapeuting jeput, isuk-isuk poe lebaran budal ti imahna masing-masing indit ka masjid, muru solat sunat idul fitri, beres solat idul fitri, ditungtungan ku silaturahmi, sili lubarkeun dosa jeung papada jalma.

عِيْدُ الْفِطْرِ ngandung harti yen urang sadayana dina bulan syawal dugi ka bulan rewah, amal ibadahna sing saperti amal ibadah dina bulan Romadhon. Berarti, urang kudu mempertahankan kasucian Romadhon. Hal ieu akur sareng katerangan:
لَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ لَبِسَ الْجَدِيْدُ وَلَكِنَّ الْعِيْدَ لِمَنْ طَاعَتُهُ تَزِيْدُ
Lebaran teh lain pikeun jalma anu make pakean weuteuh , atanapi saestuna lebaran mah eta pikeun jalma anu toatna ka Gusti Alloh  leuwihan tibatan taatna eta jalma di bulan Ramadan. Mudah-mudahan urang sadayana sing aya dina kasucian lahir sareng batin, aya dina rohmat, maghfiroh sareng ridho Alloh, dunya sareng akherat. Amiin.  

          
KHUTHBAH II

      اَللهُ أَكْبَرُ x7 اَللهُ أَكْبَر كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ ِللهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ  - أَللهُ أَكْبَرُ وَلِلهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ ِللهِ وَاهِبِ العَطِيَّةِ  وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلىَ خَيْرِ البَرِيَّةِ وَعَلىَ آلِهِ وَأَصْحَابِهِ ذَوِي النُفُوْسِ الزَّكِيَّةِ صَلاَةً وَسلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلاَزِمَيْنِ إِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ – أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنّ َمُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِيَّ بَعْدَهُ – أَيُّهَا الحَاضِرُوْنَ اِتَّقُوْااللهَ فِى السِرِّ وَالْعَلاَنِيَّةِ وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ قَالَ فِى كِتَابِهِ الكَرِيْمِ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَجِيْمِ : قَدْ أَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى وَذَكَرَ اسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى بَلْ تُؤْثِرُوْنَ الْحَيَاةَ الدُنْيَا وَالأَخِرَةُ خَيْرٌ وَأَبْقَى إِنَّ هَذَا لَفِى الصُّحُفِ الأُوْلَى صُحُفِ إِبْرَاهِيْمَ وَمُوْسَى . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمِيْنْ- اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ – اَللَّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا وُضُوْئَنَا وَصَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَتَهْلِيْلَناَ وَتَكْبِيْرَنَا وَتَمْجِيْدَنَا وَحُشُوْعَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَلاَتَجْعَلْ فِى قُلُوْبِنَا غِلاًّ لِلَّذِيْنَ أَمَنُوْا رَبَّنَا أَتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِِهِ وَسَلَّمَ.  عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِى القُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ – فَاذْكُرُوا اللهَ العَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْئَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ وَاللهُ يَعْلَمُ مَاتَصْنَعُوْنَ

                                                                                         
Disusun ku KH. Iin Solihin, Drs., M.SI Pimpinan PonPes Riyadlu As-Shalihin Cihaur Cipakat Singaparna Tasikmalaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar