blog islami yang berisi bacaan doa sehari-hari, seperti doa selamat dan tolak bala, doa setelah sholat fardhu, doa sholat tahajud, doa sholat duha, doa qunut witir di bulan ramadhan, doa qunut subuh, dll. Selain itu terdapat juga bacaan dzikir dan doa di bulan ramadhan, niat puasa ramadhan, niat puasa sunnah rajab, sya'ban, dzulhijjah, syawwal, dll. Materi khutbah jumat, khutbah idul fitri, khutbah Idul Adha, khutbah bahasa sunda, pembukaan khutbah, pembukaan pidato, sejarah tokoh dan kyai

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda - 1440 H

Khutbah idul fitri basa sunda, khutbah basa sunda, khutbah idul fitri bahasa sunda

اَلله ُأَكْبَر x)9) اَللهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ ِللهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَإلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَلاَنَعْبُدُ إِلاَّ إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ أَللهُ أَكْبَرُ وَلِلَّهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَسْعَدَ وَأَشْقَى وَأَمَاتَ وَأَحْيَا وَأَضْحَكَ وَأَبْكَى وَأَوْجَدَ وَأَفْنَى وَأَفْقَرَ وَأَغْنَى وَأَضَرَّ وَأَقْنَى . وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ نِ الْمُصْطَفَى وَعَلَى آلِهِ وصَحْبِهِ أَهْلِ الصِّدْقِ وَاْلوَفَا - أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ اْلأَعْلَى وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَاتَمُ الرُّسُلِ وَاْلأَنْبِيَاءِ- أيّهَا النَّاسُ اتَّقُوااللهَ رَبَّ اْلبَرَايَا لَعَلَّكُمْ تَفُوْزُوْنَ فَوْزًا عَظِيْمًا – أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَيْطَانِ الرَجِيْمِ : وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ


Hadirin Sidang Idul Fitri Anu Mulya
Alloh SWT ngadawuh anu kaunggel dina surat Ad-dariyat ayat 57:
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ
Teu pati-pati Alloh nyiptakeun jin jeung manusia anging diwajibkeun ibadah, nyaeta ngabdi kanu Maha Suci, nyembah ka Dzat anu Maha Kawasa, buktosna Alloh SWT.
Bentuk ibadah aya dua rupa: 

1.عِبَادَة فَعْلِيَّة
Nyaeta ibadah ku cara ngalakonan parentahan Alloh sareng Rosulna kalawan ngagunakeun anggota badan anu didadasaran ku iman, islam, ihsan, ilmu jeung ikhlas.

2.عِبَادَة تَرْكِيَّة
Nyaeta ibadah ku cara ngantunkeun larangan-larangan Alloh sareng Rosulna.

Saperti halna puasa Romadhon. Nalika urang ngalakonan puasa, tangtu dua bentuk ibadah tadi dilakonan ku urang sadaya. Urang ngalakonan puasa dumasar kana parentahan Alloh nu kaunggel dina surat Ali Imron ayat 183:

 يَاأَيُّهَاالَّذِيْنَ أَمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَاكُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ ( أل عمران : 183)  
Ma'na puasa numutkeun lughat nyaeta al-imsak hartosna menahan diri. Sedengkeun numutkeun istilah syara' nyaeta
َإِمْسَاكٌ مَخْصُوْصٌ مِنْ شَخْضٍ مَخْصُوْصٍ بِشَرَائِط
Nahan diri tina perkara anu ditangtukeun ku syara' buktosna nahan tina tuang, ngaleueut, jima', dina waktu beurang; ti mimiti subuh dugi ka magrib, ti jalma anu ditangtukeun ku syara, anu didadasaran ku syarat-syarat sareng rukun na, nebihan pabatalan sareng pamakruhan nana, sarta ngalakonan pasunatan-pasunatan nana.

اَلله ُأَكْبَر X3
Hadirin Sidang Idul Fitri Anu Mulya
Bulan Romadhon teh disebut sayyidus syuhuur, rajana bulan. Bula anu pang sae-sae na. Sabab sagala bentuk ibadah pakumpul dina bulan romadhon, boh fa'liyyah atawa tarkiyyah, mahdoh atawa goer mahdoh, ibadah ritual, ibadah sosial, ibadah badaniyyah, ibadah maaliyah, jeung ibadah-ibadah nu sejena. 
Sakumaha pidawuh Rosul, yen pahala ibadah dina bulan-bulan biasa, dilipatgandakeun minimal 10 tikelan, dina bulan Rajab 70 tikelan, dina bulan Sya'ban 700 tikelan, jeung dina bulan Romadhon minimal 1000 tikelan. Bahkan, dina bulan Romadhon aya fadhilah lailatul qodar  anu kautamaan ibadah dina maleman qodar langkung sae tibatan nilai ibadah sarebu bulan. Sahingga Nabi ngadawuh. 

لَوْتَعْلَمُ اُمَّتىِ مَا فِى رَمَضَانَ لَتَمَنَّوْا اَنْ تَكُوْنَ السَّنَةُ كُلُّهَا رَمَضَانَ, لِأَنَّ الْحَسَنَةَ فِيْهِ مُجْتَمِعَةُ وَالطَّاعَةَ مَقْبُولَةُ وَالدَّعَوَاتِ مُسْتَجَابَةُ وَالذُّنُوْبَ مَغْفُوْرَةُ وَاْلْجنَّةَ مُشْتَاقَةُ لَهُمْ
Lamun tea mah umat kaula nyaho kana fadhilah Romadhon, atanapi kana pahala ibadah dina bulan Romadhon, tangtu maranehna miherep atawa mikahayang sataun teh kabehna bulan Romadhon. Saestuna kahadean (amal sholeh) di bulan Romadhon teh dikumpulkeun, jeung taat ka Alloh, boh ibadah fa'liyyah atawa tarkiyyah na, ditarima ku Gusti Alloh, do'a-do'a diijabah, dosa-dosa ka Alloh dihapus, bahkan surga ge merindukan jalma-jalma anu sungguh-sungguh ibadah dina bulan Romadhon.

اَلله ُأَكْبَر X3
Hadirin Sidang Idul Fitri Anu Mulya
Tina sapalihna kaistimewaan bulan Romadhon sakumaha dawuh Nabi SAW
ِشَهْرُ رَمَضَانَ أَوَّلُهُ رَحْمَةٌ، وَأَوْسَطُهُ مَغْفِرَةٌ، وَآخِرُهُ عِتْقٌ مِنَ النَّار
Bulan Romadhon teh awalna (1-10) saatna Alloh ngahujanan Umat Islam ku kanyaah-Na, tengah-tengah bulan Romadhon (11-20) saatna Alloh maparin pangampura-Na ka Umat Islam anu baroga dosa, jeung akhir Romadhon (21-29/30) saatna Alloh ngabebaskeun Umat Islam anu numutkeun perhitungan amal salah na leuwih loba/ leuwih beurat tibatan amal sholeh na, sehingga eta jalma divonis/ pantes pinarakaeun. Maka, eta vonis asup kana naraka teh dibebaskeun ku Gusti Alloh. Sehingga, eta jalma jadi ahli sorga/ jadi calon ahli sorga. 
Dawuhan Nabi: Alloh ngabebaskeun 600.000 jalma nu berhak asup naraka setiap jam dina bulan Romadhon dugi ka sumping lailatul qodar . Dina lailatul qodar mah Alloh ngabebaskeun sabingbilangan jalma anu dibebaskeun ti awal Romadhon dugi ka sumping na lailatul qodar. Sedengkeun dina poe lebaran mah, Alloh ngabebaskeun jalma anu berhak asup ka naraka sabingbilangan jalma anu dibebaskeun tiap jam dina bulan Romadhon ditambah sabingbilangan anu dibebasskeunn dina malam qodar


اَلله ُأَكْبَر X3
Hadirin Sidang Idul Fitri Anu Mulya
Sajaba ti ngalaksanakeun saum Romadhon, diwajibkeun oge ngaluarkeun zakat fitrah. Wajibna zakat, boh zakat fitrah ataawa zakat mal, sareng jeung wajibna ibadah saum Romadhon, nyaeta dina bulan Sya'ban tahun kadua Hijriyah.
Fadilah zakat fitrah dawuhan Nabi aya 10:
  1. Ngabersihkeun diri tina dosa
  2. Ngabebaskeun diri tina siksa naraka
  3. Jadi sabab ditarima na ibadah puasa
  4. Ngawajibkeun kana asupna ka sawarga
  5. jadi sabab hudang ti kubur kalawan aman, nyaman, salamet tina pirang-pirang pakewuh (siksa kubur)
  6. Jadi sabab amal saena salami sataun ditampi ku Alloh SWT.
  7. Ngamistikeun kana kenging na syafaat Nabi dina poe kimah
  8. Bakal bisa meuntas si jalma dina sirotol mustaqim, anu panjang lalakonna 3000 taun, bari handapeunna  aya naraka jahannam. Eta jalma bakal meuntas kalawan cepet saperti kilat.
  9. Bakal ngabeuratkeun timbangan amal sholehna
  10. Ngahapus kana ngaran si jalma tina daftar jalma-jalma anu cilaka, dipindahkeun kana daftar jalma-jalma anu bagja.
Kumargi kitu Alloh SWT ngadawuh anu kaunggel dina surat Al-A'la 
قَدْ أَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى* وَذَكَرَ اسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى 
Nyata pohara bagja jalma-jalma anu mampu beresih (dirina) tina kakufuran, kamusyrikan, kamunafikan, kapasekan, oge tina kamaksiatan ku jalan iman sareng taqwa. Diantawisna ku puasa Romadhon sasasih lamina, disampurnakeun ku ngaluarkeun zakat fitrah. Oge syukuran tamat puasa ku ngabacakeun kalimah takbir, tahlil, sareng tahmid dina maleman lebaran sarta ditungtungan ku solat idul fitri.
Sabab ku ayana ibadah puasa katut amal ibadah anu sanesna dina bulan Romadhon, Insyaalloh, Umat Islam tampil sebagai juara, pemenang perang ngalawan hawa nafsu, meraih pahala anu berlipat ganda, kenging rohmat, maghfiroh sareng ridho Alloh SWT, oge kenging syafaat ti rosululloh SAW.
Mudah-mudahan urang sadaya kalebet ti jajaran jalma-jalma anu aya dina rahmat, maghfiroh sinareng ridho Alloh SWT, kembali kana kasucian, meraih kemenangan oge kabagjaan dunia sinareng akherat.
َمِنَ اْلعَائِدِيْنَ وَاْلفَائِزِيْنَ وَالْمَقْبُوْلِيْن
Oge mudah-mudahan amal ibadah urang anu parantos, nuju sareng bakal dilakonan, sing aya dina panampian Alloh SWT.
َآمِنْ يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْن
ْبَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُم 

KHUTBAH II

اَلله ُأَكْبَر x)7) اَللهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ ِللهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَإلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَلاَنَعْبُدُ إِلاَّ إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ أَللهُ أَكْبَرُ وَلِلَّهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَسْعَدَ وَأَشْقَى وَأَمَاتَ وَأَحْيَا وَأَضْحَكَ وَأَبْكَى وَأَوْجَدَ وَأَفْنَى وَأَفْقَرَ وَأَغْنَى وَأَضَرَّ وَأَقْنَى . وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ نِ الْمُصْطَفَى وَعَلَى آلِهِ وصَحْبِهِ أَهْلِ الصِّدْقِ وَاْلوَفَا - أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ اْلأَعْلَى وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَاتَمُ الرُّسُلِ وَاْلأَنْبِيَاءِ- أيّهَا النَّاسُ اتَّقُوااللهَ رَبَّ اْلبَرَايَا لَعَلَّكُمْ تَفُوْزُوْنَ فَوْزًا عَظِيْمًا – أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَيْطَانِ الرَجِيْمِ : إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ ۚ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا - اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمِيْنْ اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ – اَللَّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا وُضُوْئَنَا وَصَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَتَهْلِيْلَناَ وَتَكْبِيْرَنَا وَتَمْجِيْدَنَا وَحُشُوْعَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَلاَتَجْعَلْ فِى قُلُوْبِنَا غِلاًّ لِلَّذِيْنَ أَمَنُوْا رَبَّنَا أَتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِِهِ وَسَلَّمَ. عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِى القُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ – فَاذْكُرُوا اللهَ العَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْئَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ وَاللهُ يَعْلَمُ مَاتَصْنَعُوْنَ

Disusun ku KH. Iin Solihin, Drs., M.SI Pimpinan PonPes Riyadlu As-Shalihin Cihaur Cipakat Singaparna Tasikmalaya

Untuk Khutbah Idul Fitri Basa Sunda Tahun 2020 - 1441 H, silahkan klik link berikut:

Tidak ada komentar:

Posting Komentar